Silvia susillawati

 Artikel bahasa Sunda

Warung seblak neng Aira : kuliner seblak daerah kalidam 


Warung seblak Neng Aira téh tempat seblak anu kacida kasohorna di wewengkon Kalidam, caket ka lapangan Rajawali, nu jadi tempat jajanan keur barudak ngora. Utamana dipikaresep ku barudak ti SMAN 5 Cimahi. Tapi, henteu ngan ukur barudak ngora waé, ibu-ibu  ogé Osok datang ka dieu. Warung seblak Neng Aira diadegkeun dina bulan Maret 2023. Konsep tempat di dieu téh lesehan, jadi urang karasa nyaman mun keur dahar seblakna.


Warung seblak Neng Aira miboga konsep seblak prasmanan, nu hartina urang bisa milih sorangan naon waé bahan nu dipikaresep. Harga di dieu téh kacida mirahna, ku kituna dipikaresep ku barudak ngora. Harga topping-topping di dieu ti mimiti 500 perak nepi ka 2000 rupiah. Sajaba ti seblak, di dieu ogé ngajual rupa-rupa kadaharan séjén, saperti suki prasmanan kuah tomyam, tahu karedok, basreng karedok, cireng karedok, cilok kuah, kwetiau goreng, jeung sajabana. Salian ti kadaharan asin, di dieu ogé aya inuman seger jeung és kul-kul.


Dina wawancara kamari jeung Teh Aira, urang naroskeun ngeunaan warung seblak ieu. Ceuk Teh Aira, alesan muka warung seblak téh nyaeta " alasan menjual seblak itu awal mulanya karena resain kerja , karena bingung setelah resain kerja yang biasanya melakukan aktifitas sekarang engga makanya saya buka warung seblak ini awal nya bukan jualan seblak tapi jualan suki sukian tetapi setelah pikir pikir di daerah sini tuh minim yang jualan seblak makanya saya kepikiran buat jualan seblak agar orang orang tau di daerah kalidam itu ada tempat seblak" Kendala salila jualan, saur Teh Aira " Selama berjualan seblak disini mungkin banyak ya yang menjadi kendala juga terutama dalam memilih produk baru , apalagi saya harus memilih produk yang nanti nya bisa dijual dengan harga yang terjangkau " 


Memang di Kalidam aya ogé warung seblak séjén, tapi henteu sarua jeung di Warung Seblak Neng Aira. Di dieu mah konsepna prasmanan, jadi urang bisa milih bahan nu dipikahayang. Warung seblak ieu kacida direkomendasikeun pikeun sadayana, sabab hargana mirah, rasana ngeunah, tempatna nyaman, sarta pilihan kadaharan jeung minumanana ogé loba.


Alamat = Asrama masmil , jl Poncol Utara k1,  Baros Cimahi Tengah



Link vlog 

https://youtu.be/pcM1TLv94gI?si=sfr2HfXbdwcFedfz



Comments

Popular posts from this blog

Tabrakan Pesawat Penumpang dan Black Hawk di AS