Posts

Showing posts from February, 2025

Silvia susillawati

 Artikel bahasa Sunda Warung seblak neng Aira : kuliner seblak daerah kalidam  Warung seblak Neng Aira téh tempat seblak anu kacida kasohorna di wewengkon Kalidam, caket ka lapangan Rajawali, nu jadi tempat jajanan keur barudak ngora. Utamana dipikaresep ku barudak ti SMAN 5 Cimahi. Tapi, henteu ngan ukur barudak ngora waé, ibu-ibu  ogé Osok datang ka dieu. Warung seblak Neng Aira diadegkeun dina bulan Maret 2023. Konsep tempat di dieu téh lesehan, jadi urang karasa nyaman mun keur dahar seblakna. Warung seblak Neng Aira miboga konsep seblak prasmanan, nu hartina urang bisa milih sorangan naon waé bahan nu dipikaresep. Harga di dieu téh kacida mirahna, ku kituna dipikaresep ku barudak ngora. Harga topping-topping di dieu ti mimiti 500 perak nepi ka 2000 rupiah. Sajaba ti seblak, di dieu ogé ngajual rupa-rupa kadaharan séjén, saperti suki prasmanan kuah tomyam, tahu karedok, basreng karedok, cireng karedok, cilok kuah, kwetiau goreng, jeung sajabana. Salian ti kadaharan as...